JNGGA

Sabtu, 16 April 2016

Analisis Struktural Fiksional Dina Novel Kembang-Kembang Petingan Karya Holisoh M.É

Ajén dina karya satra téh loba pisan. Aya anu ngandung ajén atikan aya ogé anu ngandung ajén moral. Urang cokot baé karya sastra dina ajén moral anu raket patalina jeung kaayaan masarakan jaman ayeuna. Dina jaman kiwari loba pisan kahirupan masarakan anu pinuh ku rusiah umum. Salah sahijina dina kahirupan peuting. Geus jadi rusiah umum di masarakat mah kahirupan peuting téh, kahirupan jalma jalma anu butuh "hiburan" jeung kapuasan batin.

Salah sahiji contona aya dina novel kembang-kbang petingan karya holisoh M.É. Dina novel éta ngagambarkeun kahirupan masarakan jaman kiwari anu serba marahal. Duit anu geua eweuh hargaan jeung héséna néangan gawé dimana dimana. Hal éta anu nyieun sababaraha jalma milih jalan anu salah, salah sahijina gawé di dunya peuting.

Téori anu di paké dina ieu analisis nya éta téori struktural nu dimekarkeylun ku Robert Stanton. Dina ieu analisis, stanton ngabagi dua unaur instrinsik fiksi, nya éta fakta carita jeungbsarana carita. Stanton ngabagi unsur fakta carita jadi opat bagéan nya éta alur, tokoh, latar, jeung téma. Sedengkeun sarana carita aya judul, sudut pandang, gaya basa jeumg nada, simbolismeu jeung ironi.

Fakta Carita

Karakter, alur, jeung latar kaasup kana fakta carita anu miboga fungsi salaku catetan kajadian imajinatif tina hiji carita. Elemen ieu ogé bisa disebut struktur faktual atau tingkatan faktual carita. Struktur faktual nya éta salah sahiji aspek carita atawa carita anu disorot tina hiji sudut pandang (Stanton, 2007:22). Unsur-unsur anu aya patalina jeung fakta carita nya éta:

1. Alur

Alur nya éta runtuyan kajadian-kajadian dina hiji carita. Alur mangrupakeun tulang punggung carita anu miboga dua hal pikeun ngawangun alur nya éta konflik jeung klimaks. Dina unggal karya sastra saperti novel, carpon, dongeng, jeung naskah drama, pasti boga konflik jeung klimaks. Biasana awal carita, konflik anu aya mangrupakeun konflik ringan anu beuki dieu beuki gedé nepi ka ahirna panggih jeung klimaks anu mangrupa puncak tina konflik. Mun geus nyanghareupan klimaks biasana sok dibarengan ku solusi. Alur kabagi jadi tilu bagéan nya éta aya alur maju, alur mundur atawa flashback jeung aya alur maju-mundur.

Dina novel Kembang-Kembang Petingan karya Holisoh M.É, alur anu dipake nya éta alur maju mundur. Dimana runtuyan caritana maju tapi dina hiji mangsa aya mangsa katukangnya (ngawawaas kajadian heubeul). Konflik anu aya ogé nyusun ti mimiti konflik awal, puncak konflik, jeung klimaks. Dina novel Kembang-Kembang Petingan karya Holisoh M.É mah teu aya solusi atawa penyelesaian. Sabab ahir carita di jieun ngagantung.

Dina novel Kembang-Kembang Petingan, konflik dimimitian ku hayangna Tita (enok) kaluar ti tempat prostitusi. Manéhna ngalaman perang batin antara kahayang jeung kanyataan. Manéhna hayang robah jadi jalma bener, tapi kahirupan anu ngabalukarkeun manéhna kudu angger cicing di eta tempat. Loba lalaki pelangganna anu nyaram Tita ngalayanan lalaki lian tapi teu wani ngawin, sedengkeun kahayang Tita, manéhna di angkat jadi jalma bener, dikawin ku lalaki anu nyaram manéhna ngalayanan lalaki lian. Tapi lolobana lalaki anu datang kadinya mgan ukur bisa nyaram tapi teu daék ngawin. Konflik lian datang waktu pagawéan Tita anu sabenerna kanyahoan ku kolotna di lembur. Tita kungsi diusir ku kolotna teu menang balik deui ka lembur.

Puncak konflik datang waktu Tita diangkat jadi jalma bener ku salah sahiji pelangganna anu ngarana Handi, ngan hanjalakan dijadikeun pamajikan anu kadua. Sanajan manéhna hirup dina tempat anyar, tapi kadieu-kadieu tempat anyarna teu narima manéhna sabab manéhna urut ungkluk. Sakabéh tatangga pada ngaromongkeun ngeunaan pagawéan Tita anu heubeul. Katambah deui aya hiji warna anu nanya ka pembantuna ngeunaan pagawéan Tita baheula.

Terakhir klimaks. Klimaks datang basa pamajikan kahiji Handi apal kana kalakuan salakina. Dina hiji poé pamajikan Handi datang ngontrog Tita, tur ngabejaan yén si Handi bisa beunghar lantara kawin ka manéhna. Pamajikan kahiji Handi ménta Tita tong ngadeukeutan deui Handi. Tina anu basa éta keur hamil teu bisa kukumaha salian ti cicing nyanghareupan takdir hirup manéhna. Ahir tina carita éta teu aya solusi, sabab ahirna si pangarang nyieun anu maca bisa mikir éta ahirna bakal pikumahaeun, naha Tita bakal terus ajeg cicing jeung Handi atawa manéhna kudu asup deui kana dunya peuting anu heubeul kawas baréto?

Alur maju-mundur cocok pisan keur carita ieu, sabab anu maca di ajak nyawang ka kajadian heubeul basa Tita can gawé di kota jadi awéwé bangor, kana alesan manéhna bisa jadi awéwé bangor. Tuluy anu maca di ajak pikeun ningali kahirupan Tita di hareupna.

2. Tokoh atau Karakter

Tokoh téh bisa di sebut karakter biasana dipaké dina dua konteks nya éta ngarujuk kana individu-individu anu aya dina cariya. Anu kadua ngarujuk kana rupa-rupa pencampuran tina sababaraha kapentingan, kahayang, emosi jeung prinsip moral tina individu-individu.

Dina novel Kembang-Kembang Petingan Karya Holisoh M.É aya tilu tokoh utama. Masing-masing tokoh boga karakter sewang-sewangan anu matak ngadukung kana carita atau konflik anu disanghareupanna. Tokoh anu kahiji nya éta awéwé bangor anu hirup di tempat prostitusi, manéhna boga karakter anu kuat, lain ngan saukur karakter tapi ogé tekad. Wanian dina jalan bebeneran, teu sieun asal manéhna teu salah. Tokoh anu kadua nya éta lalaki anu sok datang ka tempat prostitusi, boga karakter lalaki bageur tapi sabenerna mah sarakah, licik tur teu tanggung jawab. Sagala kagorenganna di sumputkeun dina sifat manéha anu hadé. Tokoh katilu nya éta awéwé anu gedé ambek, mangrupakeun pamajikan tokoh kadua anu teges tur wanian. Ditilik sakilas mah tokoh katilu ieu siga lain tokoh utama, tapi kanyataanna manéhna boga konci anu matak ngahirupkeun jalan carita dina novel novel éta.

Tokoh sejénna nya éta tokoh panglengkep anu ngadukung jalan carita sangkan teu garing. Loba anu jadi tokoh panglengkep teh, diantarana nya éta aya babaturan tokoh utama anu sarua gawé di tempat prostitusi, aya tatangga-tatangga di tempat anya si tokoh utama, aya indung, bapa, adi jeung anak si tokoh utama, aya tatangga si tokoh utama basa di lembur, aya pelanggan anu sején anu datang ka tempat prostitusi.

Kaonjoyan dina novel ieu, pangarang bisa ngahirupkeun karakter dina tokoh anu dijieun sangkan carita ieu katingali realna. Nembongkeun yén dina kahirupan masarakat, karakter samodel kitu téh aya waé. Karakter antagonis jeung protagonis teu leupas tina kahirupan urang di dunya.

3. Latar

Latar nya éta lingkungan anu ngawengku hiji kajadian dina carita. Latar bisa ngawujud dekor tur bisa ngawujud waktu-waktu anu tangtu. Latar boga pangaruh kana karakter-karakter, bisa ogé jadi conto representasi téma. Dina sababaraha carita bisa ditilik yén latar miboga daya pikeun ngamunculkeun tone jeung mode emosional anu ngawengku karakter. Tone emosional ieu disebut atmosfer. (Stanton, 2007:35-36).

Latar anu dipaké dina novel Kembang-Kembang Petingan karya Holisoh M.É geus saluyu dina karakter jeung tokoh. Dina novel ieu latar anu di paké nya éta warung remang-remang sakaligus imah anu dicicingan ku para jalma anu gawé di tempat prostitusi éta. Ayana dialog jeung kajadian kajadian di warung éta nambah kesan realistis kana éta carita. Aya ogé latar di hiji imah kontrakan anu merenah di hiji komplek, éta ogé saluyu pisan lamun ditinggali tina kayaan jeung karakter tokoh.

4.      Tema

Téma mangrupa aspek carita anu sajajar jeung makna dina pangalman manusa, hiji hal anu ngajadikeun pangalaman anu tuluy diinget. (Stanton, 2007:36).

Téma anu dipaké di novel ieu mgangkat kahirupan masarakat di kota. Téma jeung sakabéh unsurna geus saluyu, boh téma jeung tokoh bph téma jeung latar.

Sarana Carita

Sarana-sarana sastra bisa diartikeun salaku metode (pangarang) dina milih tur nyusum detail carita supaya pola-pola anu ngandung makna kahontal. Metode ieu perlu lantaran anu maca bisa ningali rupa-rupa fakta ngaliwatan pangarang, maham kana maksud fakta-fakta supaya bisa ngabagi pangalaman. (Stanton, 2007:46 47).

1.      Judul

Judul raket patalina jeung carita sacara gembleng lantaran ningalikeun karakter, latar, jeung téma. Judul mangrupa hiji konci dina carita tur biasana ngandung eusi sondiran-sindiran dina kana kondisi anu rék dikritik ku pangarang atau mangrupa kasimpulan dumasar kayaan anu sabenernadina carita. (Stanton, 1965:25-26)

Dina novel Kembang-Kembang Peringan karya Holisoh M.É ini judul sabenerna teu saluyu jeung naon anu dicarikeun. Pangarang méré judul "kembang-kembang petingan" ningalikeun kana kaayaan tempat prostitusi anu jalma-jalamna mangrupakeun jalma petingan hungkul. Tapi sacara spesifik, ieu novel teu ngabahas ngeunaan jalma petingan, anu dibahas nya éta ngeunaan tokoh utama anu kaasup jalma petingan anu ngalaman perang batin antara eureun tina gawé peuting atau tuluy.

2.      Sudut Pandang

Dina bukuna, Stanton ngabagibdua sudut pandang jadi opat tipe pokok, anu kahiji nya éta jalma kahiji anu utama, jalma kadua - jalma sampingan, jalma katilu -jalma sampingan, jeung jalma kaopat teu kawates.

Dina novel Kembang-Kembang Petingan karya Holisoh M.É pangarang ngagunakeun sudut pandang kahiji anu utama, sabab dina éta novel basa anu dipaké ngagambarkeun eusi haté si tokoh utama. Hal ieu miboga arti yén pangarang apal kana kabéh seluk beluk anu aya dina novel ieu, anu di buktikeun ku apalna kana sakabéh tékték bengék anu aya dina éta carita. Euweuh hal anu luput tina kacamata tokoh utama.

3.      Gaya jeung Tone

Dina sastra, gaya nya éta cara pengarang dina maké basa. Unggal jalma pasti boga gaya basa atau gaya tulisan anu béda sanajan téma, alur, latar na sarua. Kitu deui anu disebut tone. Tone nya éta sikep emosional pangarang anu ditingalikeun dina carita.

Dina novel ieu, tone anu kaciri aya sina karakter jeung latar dina carita, sakabéh tokohna maénkeun karakter dumasar kana kaayaan masarakat anu memang bener-bener nyata. Basa anu di gunakeun ogé kalayan gampil tur kaharti kunu maca, komo deui ka jalma anu kakara pisan maca novel sunda. Basama ringan tapi kaharti maksud jeung tujuan anu rék ditepikeun ku pangarang.

4.      Simbolisme

Simbolisme miboga tilu efek, masing-masig gumantung kana kimaha simbol anu aya patalina digunakeun. Anu kahiji, simbol bisa aya dina hiji kajadian penting, dua simbol bisa ditingalikeun terus-terusan, katilu simbol anu aya dina carita konteksna beda-beda. (Stanton, 2007:65).

Salah satu bentuk simbol yang khas adalah „momen simbolis‟. Istilah ini dapat disamaan dengan „momen kunci‟ atau „momen pencerahan‟ (dua istilah ini sering dipakai oleh para kritisi). Momen simbolis, momen kunci, atau momem pencerahan adalah tabula tempat seluruh detail yang terlihat dan hubungan fisis mereka dibebani oleh makna (Stanton, 2007:68).

Dina novel ieu, simbol ani aya saeutik pisan, hampir euweuh. Simbol anu aya nya éta dina kahirupan sapopoé.

5.      Ironi

Ironi boga maksud salaki cara pikeun ningalikeun yén hiji hal bisa patulang tonggong jeung hal anu saméméhna. Ironi bisa ditéangan dina sakabéh carita. Ironi ngabogaan dua jenis nya éta ironi dramatis ieung tone ironis. (Stanton, 2007:71).

Dina novel ieu, ironi anu dipaké nya éta ironi dramatis. Dimimitian ku perang batin si tokoh utama antara hayang kaluar ti tempat gawé prostitusi atawa angger gawé didinya lantaran alasan kahirupan anu teu nyukupan. Dina carita ieu ayana hal anu patukang tonggong antara kahirupan jeung kahayang. Pangaran boga maksud nepikeun yén naon anu dipikahayang ku urang teu sakabéhna bisa kahontal lantaran ayana sababaraha faktor, salah sahiji faktor kahirupan anu serba kakurangan.


"Simple Thing Called Love" by Anna Triana

Judul          : Simple Thing Called Love Penulis       : Anna Triana Penerbit      : Elex Media Komputindo ISBN          : 978 - 602 - 0...