Macét. Hiji kecap anu basajan. Kecap nu geus ilahar dina implengan. Kuring diuk di tukangeun setir mobil bari nempokeun rupa-rupa anu aya di sakuriling. Jam 5. Wanci tunggang gunung, jam na manusa baralik ka imah pikeun istirahat. Rét kuring ngarérét ka béh kénca, katembong mobil-mobil anu ngantai nungguan mobil hareupna maju. Rét kuring ngarérét ka béh katuhu, katémbong barudak leutik anu néang rejeki, ménta duit atawa mawa dagangan sangkan manéhna bisa dahar. Layung geus tingburisat di belah wétan, mawakeun warna konéng anu ngagurat dina langit. Ngaguratkeun kaéndah éstuning diri. Angin ngahiliwir asup kana kaca mobil, nyéak kanu jadi kulit tur niup nyingkabkeun buuk karasana tiis kanu jadi beuheung. Kapireng ciricitna sora manuk anu rék baralik ka sayangna séwang-séwangan. Mawara kadahareun pikeun sobat-sobat dina tangkal camara. Ah asa hayang gera-gera nepi imah. Mandi tuluy reureuh dina implengan.
Jag! Kuring ngarénjag reuwas basa aya budak napelkeun leungeuna dina kaca. Beungeutna anu caludih antel dina kaca mobil. Kuring melongkeun manéhna, keuheul tur reuwas. Budak nu di tinggalikeun ukur nyéréngéh tuluy indit bari babarakatakan.
“Teu sopan!” Kedal kuring. Teu lila datang budak anu séjén, ngetrok kana kaca jandéla.
Tok, tok, tok. Kuring nyokot duit sarébu dina dasboard mobil, tuluy nurunkeun kaca mobil.
“Téh, gaduh impénan?” Ceuk manéhna basa kaca mobil diturunkeun. Kuring kerung, anéh kana éta patalékan.
“Tétéh gaduh impénan?” Ceuk éta budak sakali deui.
“Kénging nyuhunkeun impénan téh?”
Kuring beuki bingung. Buru-buru kuring ngasongkeun duit sarébu, tapi éta budak angger cicing siga patung. Barang kaca mobil rék ditutup manéhna nahan kaca ku leungeun sangkan kaca mobil teu kuring tutup.
“Tétéh gaduh impénan?” Kedal manéhna rada tarik. Panona molotot ka kuring. Sorot panona seukeut kawas manuk heulang anu nyoro kadaharana. Lampu beureum geus ganti héjo, klakson geus disada di mana-mana. Kuring buru-buru nincak pedal gas tuluy maju ninggalkeun éta budak anu masih melongkeun kuring.
***
Sora jarum jam kapireng. Nanceb dina pangregep, antel dina pangdangu. Jam 11 peuting. Di luar hujan ngaririncik mawa kawaas dina haté, mawa rasa cinta anu teu kapaliré. Kuring geus ngagolér dina kasur. Awak geus dibuntel ku simbut. Kuring masih kénéh nyileuk ninggalikeun jarum jam anu teu eureun-eureun nuduhkeun waktu. Hawar-hawar kapireng sora anjing babaung dina waktu anu ampir tengah peuting, teuing dimana ayana, boa jauh di sisi kota boa jauh di tengah kota. Teu tinggaleun ogé sora dangdaunan dina tangkal anu paadu jeung kaca jandéla. Lir ibarat jalma anu keketrok ménta tulung sangkan kuring hudang dina implengan. Kuring garénjag reuwas. Sakapeung mah kuring ngarasa asa aya nu ningalikeun. Rét baé kana jandéla. Barang ditingali bener wéh aya nu melongkeun di luar jandéla kamar. Awakna leutik, jangkungna kira-kira sacangkéng.
“Naha siga budak anu tadi? Naha enya manéhna nuturkeun kuring nepi ka imah? Rék naon éta budak datang kadieu?” Kedal kuring di jero haté. Kuring nyingkabkeun simbut terus turun tina kasur. Lalauna kuring nyampeurkeun jandéla, tuluy nyingkabkeun hordéng. Bét anéh éta budak téh jadi euweuh. Rét ka handap melongkeun buruan sepi euweuh sasaha, ngan cai hungkul anu ngareclak ti langit. Barang rét ka panto gerbang budak nu tadi téh aya. Melongkeun kuring bari gugupay tuluy lumpat ka kalér. Kuring reuwas, naha bét asa keueung peuting ieu. Buru-buru kuring nutup hordéng tuluy naék deui ka kasur bari dikurubun ku simbut.
“Téh gaduh impénan? Kuring nyungkeun! Gaduh impénan? Mana impénan kuring?” Hawar-hawar kapireng sora manéhna anu ménta impénan cara tadi soré. Kuring beuki dikurubun ku simbut sabisa-bisa babacaan. Teu lila sora éta ngaleungit. Jep jempling taya sora lian anu kapireng, salian ti sora jarum jam anu terus ngurilingan waktu.
***
Sora manuk kapireng ciciricitan. Rajeg tangkal nu maluguran. Tapi angger kénéh panon poé patingpelentran, nyentangan sakabéh nu aya didinya. Norobos kalakay dug tembus jandéla. Sakapeung aya nu antel kana leungeun. Mawa rasa haneut kanu jadi daging, mawa tentrem kanu jadi manah. Kuring teu maliré. Masih sibuk mikiran budak éta. Budak anu ngetrok kaca jandéla di lampu stopan. Budak anu tadi peuting datang ka imah, cicing dina hareupeun gerbang bari gugupay. Budak anu terus nanya kuring boga impénan atau henteu? Naha éta budak bet nanya kitu? Bet ménta impénan ka kuring? Kapan unggal jalma gé boga impénan séwang-séwangan, kaasup manéhna. Naha maké kudu ménta ka batur sagala? Baluweng. Kuring baluweng, loba teuing hal anéh nu teu kaharti ku akal.
“Wooy!!”
“Aaaah!” Kuring ngajerit ampir ngajorowok bakating ku reuwas. Keuheul ogé ka Didon anu ngareureuwas kuring. Mun lain babaturan ti leutik geus di gebug.
“Don, nanaonan sih? Ngareureuwas waé!” Ceuk kuring bari camutut.
“Hampura atuh Lit, heureuy Didon mah.” Tembalna bari nyéréngéh.
“Teu lucu Don teu lucu!”
“Atuuh da Alit mah titatadi di sauran ku Didon téh teu ngalieuk waé. Meni sibuk ku lamunan. Ngalamun naon sih? Si Adam nya?” Kuring ngagodér leungeuna basa manéhna nyebut ngaran Adam, babaturan kuring nu bogoheun ka kuring ti mimiti asup kampus.
“Hus sembarangan! Teu lah, nanaonan mikiran si Adam?”
Didon ngan ukur jebi bari seuri. Jep. Jempling. Si Didon geus sibuk deui kana kertasna nu pinuh ku tulisan.
“Don.” Kuring nepak leungeuna. Nu digeroan ngan ukur ngalieuk bari seuri.
“Don kamari kuring papanggih jeung budak leutik. Lalaki, tapi anéh.” Kedal kuring.
“Budak leutik? Lalaki? Dimana?” Tembalna bari kerung.
“Eta di stopan anu deuk ka imah kuring geuning.”
“Oh enya enya apal. Anéh kunaon kitu?”
“Nya anéh wéh, manéhna nanyakeun impénan ka kuring. Kuring boga impénan teu? Kitu cenah. Ku kuring di béré duit téh embungeun kalakah keukeuh wéh nanyakeun waé éta bari ménta impénan ka kuring.”
“Oh éta mah si Hérman atuh, émang kitu da manéhna mah, barang pénta téh lain duit tapi impénan.”
“Impénan? Naha?” Kuring kerung beuki bingung kana nu diomongkeun si Didon.
“Enya impénan. Duka teu apal kunaon-naon na mah. Geus lah budak teu hideng éta mah teu kudu dipikiran, da ka kabéh gé kitu lain ka manéh waé.”
“Tapi Don kamari...”
“Enggeus Lit tong dipikiran mending fokus ayeuna mah nya. Hal teu penting éta téh.”
Didon tuluy fokus deui kana bukuna. Kuring beuki baluweng ngadéngé nu diobrolkeun Didon. Naha enya éta budak téh ngan saukur budak teu hideng? Tapi mun enya kitu naha manéhna kudu datang ka imah sagala tuluy gugupay? Rék ngajak kuring kamana éta budak téh maké gugupayna kudu ka kuring? Kuring tuluy teuleum dina hiji pikiran. Pikiran ngeunaan Hérman.
Waktu geus maju kana soré. Wanci tunggang gunung, saperti biasa, basa layung ngagurat di belah wétan, lalaunan angin nyéak kana daging, nyingkabkeun kasono anu bebas ngagantung dina sukma. Huh jam sakieu pasti macét. Hiji hal anu basajan distopan ieu mah. Kuring ngarandeg kana jok mobil, muka hapé bisi aya SMS . Euweuh. Kosong. Euweuh SMS atawa telepon keur kuring. Simpé. Jep asa jempling. Ras kuring inget kana kajadian kamari. Inget ka Hérman anu keketrok ménta impénan. Eh enya kamana Hérman? Asa sinarieun euweuh. Rét ka béh kénca. Euweuh. Ka tukang komo deui. Kuring luak-lieuk ka sakuriling stopan. Rét panon kuring fokus ka hiji titik. Titik dimana aya budak melongkeun kuring ti halteu nu aya saacan jembatan. Hérman. Budak anu ku kuring ditéangan, ayeuna aya keur melongkeun kuring. Panon kuring paadu jeung manéhna. Kuring buru-buru ngajalankeun mobil basa manéhna gugupay tuluy nyampeurkeun mobil kuring lalaunan.
***
Hujan ngaririncik di tengah peuting, mawa angin nu kaselip simpé. Tiisna peuting, nyecep kanu jadi manah tuluy teuleum dina jero sukma. Ngabirigidig. Matak tiis karasana matak jempling kasebutna. Bulan jeung bentang teu tembong, nyumput di tukangeun hujan anu maluguran tuluy anclub kana méga. Kuring masih diuk nyanghareupan laptop basa sora daun gegedor dina jandéla kamar. Poék teu katempo nanaon di luar jandéla, kuring ngadeukeutan jandéla lalaunan. Paur aya Hérman datang deui. Tapi ah moal meureun kapan si Hérman téh budak teu hideng, rék naon manéhna ngadatangan kuring deui? Tapi bet asa panasaran haté téh. Kuring lalaunan nyingkabkeun hordéng.
“Aaaa.” Kuring ngarenjag basa tangkal jambu ngagodér jandéla, katebak angin. Rét ka gerbang anu aya di buruan. Deg. Kuring ngarandeg. Teu bisa usik basa Hérman melong ka kuring hareupeun gerbang. Kuring reuwas tur bingung. Manehna ngagupayan kuring tuluy indit bari lumpat. Deg. Asa dungdeng ieu sirah. Bungbeng. Aneh. Poék. Kabeh nu aya didieun ngadadak jadi poék, suku anu jejeg ngadadak jadi leuleus. Kuring ngagubrag. Taya deui anu katempo salian ti caangna lampu anu aya di luar. Taya deui anu kapireng salian ti sora hujan anu ngageretek jeung sora jarum jam anu terus usik taya kacapé.
***
“DIDON!” Ceuk kuring basa ninggali Didon keur leumpang di koridor. Kuring lumpat nyampeurkeun manéhna.
“Aya naon Lit?”
“Hm Don, ieu soal Hérman. Enya manéhna téh ngan jelema teu hideng?”
“Aduh Alit di bahas kénéh waé, kan...”
“Lain kitu Don, lain masalah éta jelema teu hideng atau lain, tapi geus dua peuting Hérman datang ka imah kuring. Masih ménta impénan.”
“Ah moal mungkin Lit, éta mah titinggalieun meureun.”
“Heunteu Don, kuring teu bohong, éta bener Hérman.”
Didon cicing sakeudeung. Gideug lalaunan tuluy indit ninggalkeun kuring nu olohok kénéh di koridor. Angin asup kana sela-sela jandéla, nyéakeun katiis kana jero daging. Jep. Langsung nyecep kana jadi getih. Tuluy cicing dina ngarana manah. Kuring buru-buru ninggalkeun koridor, indit ka garasi tuluy naék kana mobil saenggeus pantona kuring buka koncina. Buru-buru kuring muter konci mobil tuluy nincak pedal gas. Pokona peuting ayeuna kudu beres. Kuring kudu apal naha Hérman ménta impénan ka kuring.
***
Jam 5 sore. Saperti biasa kuring eureun di lampu stopan. Macét. Hal anu basajan jam sakieu mah. Kuring luak-lieuk néangan Hérman. Naha kamana éta budak? Biasana jam sakieu téh sok geus aya di halteu éta. Kuring ngadagoan. Rét ka belah kénca katingal barudak arulin di sisi jalan, teuing arulin teuing bagi hasil. Rét ka belah katuhu, layung tingburisat lir ibarat koas nu ngagurat dina kanvas. Rét deui ka halteu euweuh kénéh waé si Hérman téh. Naha kamana éta budak, na kamana inditna? Lampu geus nandakeun héjo, kuring maju ngaliwatan jalan anu geus ilahar na émutan kuring, jalan nu geus kaliwatan ku kuring salila 23 taun. Kuring mimiti asup ka komplék imah anu geus ngurus kuring salila 23 taun ka tukang, néangan imah warna héjo tuluy ngeureunkeun mobil dihareupeun panto gerbang, kuring turun tina mobil. Lalaunan muka gembok gerbang tuluy disérédkeun éta panto téh sangkan mobil bisa asup. Kuring ngasupkeun mobil tuluy di parkirkeun di hareupeun garasi. Keun lah moal waka di asupkeun da siang kénéh. Kuring asup ka imah tuluy indit ka kamar. Ngagubragkeun manéh kana kasur bari peureum. Ngimpleng anu kaimpleng. Hérman. Budak leutik anu geus dua peuting ka impleng ku kuring. Aya pamaksudan naon manéhna ka kuring? Rék naon manéhna datang ka kuring unggal peuting? Naha enya budak téh ngan saukur budak teu hideng? Asa teu kaasup ku akal. Kuring mimiti teuleum dina pikiran sorangan. Reup kuring saré. Euweuh deui sora nu kapireng salian ti sora jam anu moal simpé nepi ka iraha ogé.
***
Jag. Kuring hudang. Rada linglung. Asa beurat ieu sirah. Kuring kekerejepan. Ngan lalangit anu katempo ku kuring. Poék. Saeusi kamar ieu poék. Kuring hudang tuluy ninggali kana jam anu kasorot ku lampu luar. Jam 12 kurang 10. Di luar hujan ngaririncik kénéh. Désémber. Bulan anu nyorang hujan. Kuring kakarayapan dina témbok néangan saklar. Rék ngahurungkeun lampu maksudna mah. Barang rét kana jandéla kuring panasaran. Kuring leumpang, tuluy nempo buruan anu baseuh ku cai hujan. Barang rét ka gerbang kuring ningali jalma nu ku kuring di téangan ti tadi soré. Hérman. Manéhna cicing di hareupeun gerbang. Manéhna melongkeun ka kuring nu keur olohok teu percaya ninggalikeun manéhna. Beretek kuring lumpat kaluar kamar nurunan tangga deuk ngudag Hérman. Kuring muka konci panto imah. Deg. Kuring ngarandeg basa ninggali Hérman aya hareupeun gerbang. Awakna leutik, bajuna baseuh beunang cai hujan. Buru-buru kuring muka konci gerbang, barang ninggali ka hareup Hérman geus euweuh. Kuring muka gerbang tuluy lumpat satarikna ngudag Hérman. Teu paduli awak baseuh beunang cai hujan. Kuring lumpat ka kalér, néangan Hérman anu teuing lumpat kamana. Bray kuring nepi stopan nu biasa kuring liwatan. Stopan anu deukeut halteu. Témpat biasa Hérman cicing melongkeun kuring.
“Di tempat ieu. Di tempat ieu kuring nungguan.” Kapireng sora budak ditukangeun kuring. Deg. Kuring ngarandeg. Rét baé kuring ngarérét ka tukang. Kuring reuwas ningali Hérman cicing di halteu. Dina poék. Panona neuteup jalan. Sorot panona kosong. Ngimpleng hiji hal.
“Di témpat ieu kuring boga impénan. Di témpat ieu ogé kuring leungit impénan. Bapa. Kuring sono ka bapa. Bapa anu ayeuna teuing dimana ayana, teuing kumaha kaayaana. Boa hirup kénéh, boa geus paéh. Bapa nu ngajangjikeun impénan keur kuring, tapi bapa ogé anu mupuskeun impénan ka kuring. Unggal wanci tunggang gunung, kuring nungguan bapa, kuring…” kedalna bari ceurik.
Kuring cicing. Matung kawas patung. Bingung. Baluweng. Kudu kumaha kuring ayeuna. Lalaunan kuring ngadeukeutan Hérman. Lalauna leungeun kuring diangkat, rék ngusap huluna.
“Hérman…” Ceuk kuring bari rada cirambay. Nu di geroan ujug-ujug ngalieuk. Melong kuring. Panona jadi seukeut tuluy lumpat deui ka arah jembatan. Kuring gudag manéhna. Teu maliré keclak-keclak cai hujan nu seukeut nubles awak kuring.
Manéhna eureun di sisi jembatan bari nyanghareup ka handap. Nempokeun walungan anu caina deres. Nukangan kuring.
“Di dieu. Pas pisan didieu indung kuring ninggalkeun kuring. Ninggalkeun patalékan anu teu kawaler ngeunaan bapa. Bari ceurik indung kuring muragkeun manéh kana deresna cai di handap. Unggal poé kuring nanyakeun impénan. Kuring ménta impénan ka unggal jalma. Sugan aya nu bisa méré impénan ka kuring salian ti bapa. Tapi kanyataanana euweu. Euweuh nu bisa méré impénan ka kuring. Batur kalakah nganggap kuring jalma teu hiding, gelo, stress sabab kuring ménta impénan.” Pokna deui.
Sora hujan beuki kapireng. Angin peuting beuki nyéak mawa tiris kanu jadi raraga. Haneutna cipanon geus teu karasa deui. Katutupan ku tiisna cai hujan anu nyecep dina pipi. Ngan tonggong Hérman anu katempo ku kuring, manéhna nyarita ka kuring bari nukangan kuring.
“Basa soré éta, basa kuring mimiti papanggih jeung tétéh, kuring yakin tétéh bisa méré impénan. Hiji impénan anu di anti-anti ku kuring. Peupeuriheun kuring teu bisa nanaon. Kuring teu butuh duit, kuring ngan butuh impénan. Impénan anu geus dijangjikeun ku bapa.”
Beuki lila sora Hérman beuki teuleum ku sora cai hujan. Lalaunan kuring nyampeurkeun manéhna tuluy ngomong.
”Man.. Nu ngarana impénan mah teu bisa dipénta. Impénan ngan saukur aya di diri urang. Impénan aya, sabab diciptakeun ku urang. Impénan mah di téang jeung diusahakeun lain dipénta. Impénan mah dipiboga lain…”
“Naon anu dipiboga ku kuring?! Kuring hirup geus sorangan. Imah teu boga, duit komo deui. Ayeuna.. ayeuna impénan ogé kuring kudu ménta!” ceuk manéhna ngajorowok.
“Sanes kitu Man, Hérman téh alit kénéh. Jalan Hérman masih panjang..” ceuk kuring bari peura.
“Aah atos téh. Jep. Tong nyarios deui.” Ceuk manéhna bari ngabangingik.
“Tétéh, ayeuna kuring naros sakali deui, tétéh gaduh impénan kanggo kuring?”
Beurat. Beurat mun kudu ngajawab patalékan Hérman bieu. Sieun. Kuring sieun nguciwakeun Hérman. Tapi da éta patalékan kudu dijawab sangkan manéhna ngarti. Kuring cirambay tuluy ngomong.
“Punten Man. Punten pisan tétéh teu gaduh impénan.”
Jleng baé budak téh muragkeun manéh ka handap saenggeus naék kana wates jembatan.
“Hérmaaaan!” kuring reuwas tur ceurik basa ninggali Hérman geus euweuh di hareupeun kuring. Geus palid jeung cai walungan anu ngalir sakitu tarikna. Kuring ceurik ngahariring. Karunya ka Hérman. Teu nyangka akhirna bakal kieu.
Kahirupan dunya anu nyieun manéhna baluweng. Baluweng yén teu boga impénan. Baluweng ku leungitna bapana anu teuing dimana jeung teuing kamana. Indungna bunuh diri, muragkeun manéh lantarann geus teu bisa ngurus Hérman. Ayeuna Hérman ogé maot cara indungna baheula. Moal aya deui anu ménta impénan, moal aya deui anu nanyakeun impénan. Kabéh indit cara angin mawa cai hujan anu teuing kamana arahna jeung teuing dimana ahirna. Hérman.
Bandung, 2013
seorang wanita yang mempunyai mimpi menjadi penulis fiksi, suka traveling, kuliner juga mencari inspirasi di tempat yang belum banyak dikunjungi orang. Jangan lupakan greentea atau hot chocolate :) welcome to my world, saya harap kalian suka dengan apa yang saya tulis
JNGGA
Tampilkan postingan dengan label carpon sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label carpon sunda. Tampilkan semua postingan
Minggu, 23 Maret 2014
Minggu, 13 Oktober 2013
BALUKAR
Déwi diuk gigireun kasur bari nyekel salembar
kertas. Kertas anu eusina sajak, paméré ti Dédén jaman keur bobogohan kénéh.
Seuri. Manéhna rada seuri sanggeus maca éta sajak. Inget kanu méré éta sajak
baheula. Katempo pisan nyaahna Dédén harita, karasa ku manéhna ogé nyaah pisan.
Béda kawas ayeuna. Béda jauh pisan. Déwi neuteup Dédén nu keur diuk
hareupeunana. Nu diteuteup kadon tungkul ninggalikeun indung suku anu napak
kana ubin.
***
CINTA
Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa di atur ku urang
Cinta bisa ilang jeung némbongan
Repok jodo ahirna datang sorangan
Aduh-aduh cinta, aduh aduh cinta
Cinta panjang lalakonna
Cinta lir ibarat nu geulis
Gerak éndah ginulur séwu mamanis
Cinta perlu jalan anu luwes
Salogoto kapakan diacam putus
Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta
Cinta perlu kasadaran
Cinta datang teu karasa
Gandrung liwung mihareup nu kapiati
Cinta matak anteng beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan
Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta
Cinta mangkak ligar éndah
Aduh-aduh cinta, aduh-aduh cinta
Cinta kembangna kanyaah.
Dédén cinta Déwi
..Dédén..
Déwi neuteup éta sajak,
tarangna kerung bari nyekel sagagang mawar beureum, tuluy ngarérét ka jalma anu
keus saré dina korsi téras. Dédén kabogohna. Manéhna nyampeurkeun nu keur
nyangsaya dina korsi. Lalaunan dideukeutan. Manéhna rada dongko, ngasajajarkeun
hulu manéhna jeung Dédén. Déwi neuteup bari imut. Merhatikeun guratan kana
guratan raray Dédén. Bet kaciri pisan yén Dédén téh nungguan manéhna balik lila
pisan. Meni ngaguher saréna gé. Capéeun sigana. Teu lila nu diteuteup beunta.
Panonna kekerejepan dibelél-belél. Samar-samar kaciri aya nu neuteup bari imut.
Déwi kabogohna. Déwi tuluy diuk gigireunana.
"Tos lami ngantosan,
Kang?" Pokna.
"Euh tos 2 taun ti
tatadi, meni lami diantosan téh atuh, Néng. Ti mana heula? Jadi wéh akang
mondok di dieu, teu kiat tuda tunduh. Badé wangsul tapi da sono hoyong
pendak."
"Nya hapunten, Kang da
Déwi teu terang akang badé ka dieu. Ieu milarian diktat kanggo pagéto. Teu
nelepon heula da terang pasti nuju sibuk." Ceuk Déwi.
"Ieu ti akang?" Pokna
deui bari ngasongkeun kembang mawar jeung sajakna.
"Sumuhun geulis,
sajakna saé, nya?" Ceuk Dédén bari nyéréngéh.
"Hm, saé Kang, tapi
naha éta sajak téh kecap-kecapna asa siga rumpaka lagu nya?" Ceuk Déwi
bari kerung. Dédén seuri ngagikgik tuluy ngawalon.
"Nya émang éta rumpaka
lagu, Néng."
"Ih, akang mah sugan
téh sajak nyaanan." Ceuk Déwi bari nyiwit laun leungeun Dédén.
"Eh atuh néng pan
akang teu tiasa ngadamel sajak, tapi akang téh hoyong masihan sajak ka Déwi nya
atos wéh akang pasihan rumpaka lagu méh katinggal romantis." Ceuk Dédén
bari nyéréngéh deui. Déwi seuri deui bari neuteup Dédén nu keur imut. Bet meni
asa sukur pisan 2 minggu manéhna rék nikah jeung Dédén. Asa bungah pisan sakeudeung
deui manéhna bakal jadi pamajikan Dédén.
***
Déwi masih diuk gigireun
kasur. Ngahuleng. Loba teuing anu geus kaalaman ku manéhanana. Dédén masih diuk
hareupeun Déwi, masih tungkul. Bingung naon anu kudu ku manéhna dipilampah.
Duanana cicing, euweuh anu ngaluarkeun sora. Sepi. Sepi kawas di kuburan.
Euweuh anu daék mimiti ngomong, mimiti ngaluarkeun sora.
"Kang, urang atosan
wéh atuh nya?" Déwi ngamimitian muka sora bari ngahuleng nempo kaluar
jandela. Dédén reuwas ku omongan Déwi, manéhna tanggah. Kaciri pisan reuwasna.
"Maksadna naon, Néng?
Akang teu ngartos." Walon Dédén peura.
"Urang hirup
sasarengan dugi kadieu wéh Kang. Ayeuna mah urang jalanan hirup masing-masing
wéh. Papirak." Témbal Déwi masih keneh ngahuleng bari ninggali kaluar
jandéla.
"Enéng nyuhunkeun ceré
ka akang? Ku naon Néng? Naha ujug-ujug kieu? Cik-cik urang badami nu leres.”
Déwi ngarénghap beurat.
"Kang.. Akang masih
nyimpen rasa ka Nanda, pan? Mantan kabogoh akang saacan Déwi. Déwi terang éta
kang terang pisan. Da karaos ku Déwi gé sikep akang ka Déwi saréng sikep akang
ka Nanda benten pisan. Déwi mah alim wéh pami ieu diteraskeun akang jadi teu
bagja. Teu bingah. Mangga wéh ayeuna mah cerékeun Enéng akang uihan deui sareng
Nanda. Enéng rido kang, ikhlas lilahi ta'ala." Omong Déwi. Dédén ngarandeg.
Cicing. Soak. Reuwas ka nu bieu diomongkeun ku Déwi. Manéhna ngarénghap, tuluy
nyarita.
"Hapunten pisan néng
sateuacana, tapi anu bieu dicarioskeun Enéng émang leres. Teu salah. Akang
émang masih nyimpen rasa ka Nanda." Pokna. Tuluy cicing. Ngarénghap. Deg.
Déwi ngarandeg. Asa nyeri kana nu bieu manéhna déngé. Nyeri pisan nurih kana
ati.
"Terang akang gé
terang pisan ieu salah. Akang atos nganyenyeri enéng. Tapi jujur, akang ogé
nyaah ka enéng. Akang teu sudi mun kudu nalak enéng mah." Sambungna deui.
"Nya terus ayeuna
hoyongna akang kumaha atuh sok?"
"Beréskeun sacara kakulawargaan
Néng. Urang beréskeun lalaunan, tong rurusuhan da akang gé butuh waktos!"
"Nya atos ari kitu mah
Kang, sok akang pikirkeun nu leres badé kumaha. Déwi moal ngawagel. Wayahna
ayeuna akang nyalira heula, Déwi badé wangsul wéh ka mamah sareng papap. Tong
nyusul Déwi saacan mendak kaputusan." Omong Déwi bari mérésan baju kana
koper. Tuluy indit ka luar. Dédén ngan bisa ngahuleng masih diuk dina korsi nu
aya di kamar. Manéhna ngarenghap. Beurat jeung hésé.
***
"Nya Mamah mah kumaha
enéng wéh. Mun enéng hoyongna kitu, nya mamah dukung. Tapi Mamah mah nyuhunkeun
éta kaputusan téh kedah dipikirkeun bener-bener pisan, sing asak méh teu
kaduhung engkéna." Omong indungna ka Déwi.
"Mamah sih nu salah
baheulana atos ngajodohkeun enéng sareng Dédén. Da sugan téa moal kieu atuh
jadina. Sugan téh Dédén can gaduh kabogoh jeung Mamah ningal sikep enéng ka
Dédén beda. Kitu deui Dédén. Mamah mikir Dédén ogé resep ka enéng, matakna Mamah
nyatujuan basa mamah Dédén ngusulkeun ngajodohkeun enéng sareng Dédén, da
barina gé Mamah sareng mamahna Dédén pan sobat pisan matakna tadina mah méh
langkung ngaraketkeun silaturahmi.” Tuluy manéhna mawa gelas urut cikopi ka
dapur. Déwi ngahuleng. Loba pisan anu kaalaman loba teuing anu kapikiran.
Manéhna ngarenghap. Aya anu ngagelek na dadana. Nyelek kana tikorona. Terus
terang manéhna rada beurat mun rék ngaleupaskeun Dédén. Tapi da kumaha, teu
guna mun Déwi terus jeung Dédén tapi Dédén teu nganggap manéhna aya. Geus
saminggu Déwi di imah indungna tapi can aya béja ti Dédén. Can aya kaputusan ti
Dédén jadina rék kumaha. Tungtungna kumaha. Rék masih atawa enggeusan!!
***
Dédén ngahuleng na sisieun
kasur. Manéhna diuk bari tungkul. Sababaraha lembar poto aya na leungeunna.
Hiji-hiji éta poto ditinggalian. Poto manéhna jeung Nanda basa masih bobogohan.
Rét kana beulah katuhu. Aya poto manéhna jeung Déwi basa panganténan. Poto nu
aya dina leungeunna diteundeun. Manéhna ngarénghap tuluy ngagolér. Geus
saminggu Déwi indit ninggalkeun manéhna. Lieur. Bingung. Baluweng ku kaayaan
ieu. Dédén teu nyangka manéhna bakal nyanghareupan kaayaan ieu. Sabulan saacan
Déwi indit Dédén papanggih jeung Nanda di jalan. Na pikiranana Nanda masih
keneh siga baréto. Euweuh anu robah boh dina sikep atawa dedeganana. Sanggeus
éta, Dédén jadi kapikiran waé. Naha jadi deg-degan? Naha jadi sono ka Nanda?
Naha jadi kaemut Nanda waé? Manéhna nyaho ieu salah, apal pisan manéhna gé.
Tapi da kumaha sabenérna Dédén masih nyaah pisan ka Nanda. Ras manéhna inget ka
kajadian sababaraha bulan ka tukang basa saacan nikah jeung Déwi.
"Nan, akang nyuhunkeun
hapunten, akang teu terang bakal kieu kajadiannana, akang teu apal pami ambu
tos gaduh calon. Akang teu terang pami ambu tos ngajodohkeun akang sareng putri
réréncangannana. Punten pisan akang bener-bener teu terang." Ceuk Dédén
bari rada peura sorana. Nu diajak ngobrol ngan ukur unggeuk bari tungkul.
"Nan, pami Nanda
beurat ngaleupas akang, akang siap ngabantah kohoyong ambu, engké
urang..."
"Ssstttttt... tos kang
tong nyarios deui, Nanda teu nanaon da, tos ah tong ngabantah kahoyong ambu
kang teu saé éta téh." Ceuk Nanda motong omongan Dédén.
"Nanda leres teu
kunanaon?" Ceuk Dédén rada hariwang. Nu ditanya ngan ukur unggeuk bari
imut.
"Tos kang urang cekap
dugi ka dieu waé, mugia akang bagja tur ngawangun kulawarga anu sakinah mawadah
warohmah sareng Déwi. Omat kang, akang teu kenging ngambek ka ambu gara-gara
ieu. Akang ogé teu kenging jadi dengdem ka Déwi nya, akang kedah nyaah ka Déwi
sapertos akang nyaah ka Nanda." Ceuk Nanda bari rada cirambay.
"Beurat Nan mun akang
kedah nyaah ka Déwi sapertos akang nyaah ka Nanda mah."
"Nanda percaya akang
tiasa. Nanda percaya Déwi langkung saé ti Nanda. Hiji tetela Nanda ka akang.
Jaga Déwi sing leres nya kang." Ceuk Nanda bari imut. Dédén ngahuleng.
Ngarénghap. Tuluy unggeuk lalaunan. Beurat. Ngan ukur unggeuk ogé manéhna
ngarasa beurat. Karasa pisan omongan Nanda bieu kapaksa. Karasa ku manéhna ogé
mun Nanda ngan pura-pura. Nyaho Dédén gé mun di jero haténa Nanda manéhna
ngarasa peurih pisan.
Dédén ngarénghap jero
pisan. Ngadadak kamar manéhna bet jadi asa panas pisan. Panas ngahéab. Manéhna
mikirkeun deui Déwi. Juniorna basa manéhna masih kuliah. Mimiti papanggih jeung
Déwi basa manéhna ménta pitulung pikeun ngerjkeun penelitian. Déwi émang
geulis, kadang manéhna bisa nyieun Dédén seuri tapi da Déwi teu siga Nanda.
Sikep Déwi béda pisan jeung Nanda. Tapi ayeuna masalahna lain éta. Nu jadi
masalahna ayeuna Dédén kudu méré kaputusan naon ka Déwi? Rék lanjut atawa
enggeusan waé? Dédén émang nyaah ka Déwi tapi rasa nyaah manéhna teu ciga ka
Nanda. Dédén ngarénghap deui mikiran éta bari peureum. Sepi. Asa tiiseun. Ngan
sora jarum jam anu kadéngé. Lalaunan Dédén teuleum dina impénan.
***
Déwi cicing na teras bari
ngahuleng ningalikeun 2 kukupu anu ngapung ka ditu ka dieu. Meni asa bébas
jeung euweuh bangbaluh éta kukupu téh.
"Néng kumaha tos aya
kaputusan ti Dédén téh?" Sora indung Déwi meuraykeun lamunan manéhna, Déwi
tuluy ngalieuk ka indungna.
"Teu acan mah, panginten
kang Dédén ogé masih beurat kénéh ngaleupas Nanda." Walon Déwi bari tuluy
ngarénghap,
"Wios wéh mah Déwi anu
ngéléhan. Méh Déwi wéh anu ngagugat ceré. Da pami diteraskeun ogé percuma ari
kang Dédénna masih nyaah ka Nanda mah." Sambung Déwi.
"Nya mamah mah kumaha
enéng wéh, pami éta atos janten kaputusan enéng mah Mamah moal ngawagel. Pék
éta mah enéng anu mutuskeun. Tapi omat naon anu janten kaputusan enéng, enéng
ulah kaduhung engkéna." Papatah mamah Déwi. Déwi tuluy ngahuleng deui
mikirkeun naon anu bieu diomongkeun mamahna. Déwi sadar manehna nyaah kénéh ka
Dédén, tapi mun angger dipertahankeun ogé da engkéna moal balég. Déwi nyokot
hapé di gigireunnana tuluy mencét hiji ngaran di kontakna
"Hallo." Walon
Déwi saenggeus telepon di sebrang di angkat.
***
Sataun salajengna...
Dédén kakara balik ti
kantor, manéhna markir motor di pakarangan imahna, tuluy kukusek kana jero kantong
néangan konci imahna. Sanggeus kapanggih manéhna tuluy asup ka imah. Gék
manéhna diuk na korsi, tuluy indit ka dapur nyokot cai nginum. Sataun sanggeus
manéhna papisah, Dédén hirup sorangan, sagala nanaona dilakonan ku sorangan.
Manéhna teu nyangka kajadiannana bakal jadi kieu. Bakal papisah ogé tungtungna.
Sataun papisah jeung Déwi bet asa tiiseun, bet asa nineung, bet asa sono pisan
ka Déwi. Dédén kaduhung. Kaduhung baheula bet lila méré kaputusan, bet loba anu
dipikiran. Ari ayeuna geus kieu manéhna jadi hésé sorangan. Dédén tuluy indit
ka kamar, muragkeun manéh di kasur, rét kana poto manéhna basa panganténan jeung
Déwi.
"Kang, acuk ieu saé
teu?" Ceuk Déwi bari nembongkeun baju anu dipaké manéhna. Basa éta Déwi
jeung Dédén keur ngajaran baju pangantén jang nikahan manéhna pagéto. Dédén
neuteup Déwi imut tuluy unggeuk.
"Ah nya atos Déwi badé
nganggo acuk ieu wéh atuh." Walon manéhna bari seuri.
Kaciri pisan basa éta Déwi
kacida bungahna rék panganténan jeung Dédén. Ras manéhna inget ka Déwi. Inget
kana teuteup jeung imutna anu karasa nyaahna unggal Dédén balik ti kantor, Déwi
anu kacida sabarna nyanghareupan Dédén anu keur rungsing masalah kantor, Déwi
anu ngabebelaan saré dina korsi sabari nungguan Dédén mun Dédén keur kabagéan
balik peuting, jeung Déwi anu osok nembongkeun imutna unggal isuk. Kabéh sikep
Déwi éta teu bisa Dédén pohokeun jeung sikep Déwi éta anu nyieun Dédén sono ka
Déwi nepi ka hayang rujuk deui.
***
Isukna Dédén balik dina
wanci sariak layung, sisinarieun gawéan di kantorna saeutik jadi manéhna bias
balik rada beurang. Saperti biasa Dédén ngasupkeun motorna ka pakarangan
imahna. Bet asa reuwas manéhna ninggali jalma anu keur diuk dina korsi téras
nungguan manéhna. Déwi. Jalma anu ku manéhna dipikasono ayeuna keur nangtung
nungguan Dédén nu keur cicing olohok nempokeun manéhna. Déwi imut. Deg. Dédén
ngarasa deg-degan jeung sono ka imut Déwi. Imut anu geus sataun teu manéhna
tinggali ti Déwi.
"Hapunten Déwi kadieu
teu nyarios heula ka akang. Ngadadak tuda, teras moal lami barina gé." Ceuk
Déwi ngamimitian muka sora bari imut.
"Sawios néng teu
nanaon ngan pami nyarios heula mah ka akang, meureun di jemput." Ceuk
Dédén bari leumpang nyampeurkeun Déwi.
"Teu sawios kang, teu
kedah ngarépotkeun."
"Ah.. teu da, teu
ngarépotkeun." Ceuk Dédén. Duanana tuluy cicing, nangtung pahareup-hareup.
Déwi ninggalian sakurilingna.
"Sataun teu aya Déwi
meni teu aya nu robih kang, tapi nah jadi asa kotor nya?" Ceuk Déwi bari
nyéréngéh.
"Puguh wéh atuh néng
da saha anu bébérésna? Teu aya" Ceuk Dédén bari neuteup Déwi. Nu diajak
ngobrol tuluy cicing ngajauhan teuteupan Dédén.
"Kang, Déwi téh badé
nyuhunkeun hapunten kanggo palepatan Déwi anu tipayun." Dédén cicing bari
teu daék leupas neuteup Déwi.
"Hapunten pami tipayun
Déwi teu tiasa ngadamel akang seuri, teu tiasa ngabagjakeun akang, teu tiasa
ngadamel akang..."
"Ssstttttt..." Omongan
Déwi kapotong ku curuk Dédén anu ditapelkeun na biwir Déwi.
"Néng, tong nyarios
kitu ah, atos nya tong di bahas deui. Akang ngaraos bungah pami caket sareng
Déwi. Déwi teu gaduh salah nanaon ka akang, jadi teu kedah nyuhunkeun hapunten.
Anu kedah nyuhunkeun hapunten mah kedahna akang. Akang anu salah tos
nganyenyerikeun Déwi. Hapunten pisan." Ceuk Dédén bari sorana rada peura.
"Sawios kang, émang
kedahna kitu. Déwi teu kunanaon da." Walon Déwi.
Dédén ngarénghap
ngaleupaskeun kabeurat anu aya dihaténa tuluy ngomong
"Néng, jujur akang nyaah
kénéh ka Déwi, pami urang rujuk deui kumaha? Akang janji moal nganyenyeri Déwi
deui." Déwi cicing, teu ngaluarkeun sora saeutik-eutik acan. Tuluy manéhna
imut bari gogodég, manéhna tuluy mukakeun kantong, ngaluarkeun salembar kertas
tuluy dibikeun ka Dédén. Dédén narima kertas éta bari geumpeur, manéhna neuteup
Déwi bari kerung. Nu di teuteup masih kénéh nempokeun Dédén. Dédén muka eusi
kertas éta tuluy cicing. Dina éta kertas aya 2 ngaran jelema anu rék nikah.
Aris jeung Déwi. Dédén cicing kawas patung matana geus cirambay nahan kanyeri.
"Hapunten kang.."
Dua kecap anu manéhna déngé ti Déwi.
Déwi tuluy maju salangkah
kahareupeun Dédén manéhna tuluy nyium pipi kénca jeung katuhu Dédén terus
indit. Dédén masih nempokeun Déwi bari ngarasa kaduhung. Kaduhung anu
bener-bener kaduhung. Kaduhung kana paripolahna basa éta. Manéhna sadar ayeuna
yén paripolah leutik manéhna basa éta dampakna gede keur manéhannana. Ayeuna
Dédén ngan ukur bisa ngégél curuk. Nempokeun nasibna anu geus teu bisa rujuk
deui jeung Déwi. Ahirna Dédén sadar halodo sataun lantis ku hujan sapoé.
TAMAT
Langganan:
Postingan (Atom)
"Simple Thing Called Love" by Anna Triana
Judul : Simple Thing Called Love Penulis : Anna Triana Penerbit : Elex Media Komputindo ISBN : 978 - 602 - 0...
-
Pernah denger salah satu lagu Efek Rumah Kaca dengan judul Kau dan Aku Menuju Ruang Hampa? Yap, lagu yang berada dalam album Kamar Gelap d...
-
Karya: Edwar Maulana Jika kau percaya bahwa segala yang ada itulah yang kelak tak ada dan mesti diabaikan. Maka saat ini ketika kau da...