JNGGA

Minggu, 23 Maret 2014

Tunggang Gunung

Macét. Hiji kecap anu basajan. Kecap nu geus ilahar dina implengan. Kuring diuk di tukangeun setir mobil bari nempokeun rupa-rupa anu aya di sakuriling. Jam 5. Wanci tunggang gunung, jam na manusa baralik ka imah pikeun istirahat. Rét kuring ngarérét ka béh kénca, katembong mobil-mobil anu ngantai nungguan mobil hareupna maju. Rét kuring ngarérét ka béh katuhu, katémbong barudak leutik anu néang rejeki, ménta duit atawa mawa dagangan sangkan manéhna bisa dahar. Layung geus tingburisat di belah wétan, mawakeun warna konéng anu ngagurat dina langit. Ngaguratkeun kaéndah éstuning diri. Angin ngahiliwir asup kana kaca mobil, nyéak kanu jadi kulit tur niup nyingkabkeun buuk karasana tiis kanu jadi beuheung. Kapireng ciricitna sora manuk anu rék baralik ka sayangna séwang-séwangan. Mawara kadahareun pikeun sobat-sobat dina tangkal camara. Ah asa hayang gera-gera nepi imah. Mandi tuluy reureuh dina implengan.
Jag! Kuring ngarénjag reuwas basa aya budak napelkeun leungeuna dina kaca. Beungeutna anu caludih antel dina kaca mobil. Kuring melongkeun manéhna, keuheul tur reuwas. Budak nu di tinggalikeun ukur nyéréngéh tuluy indit bari babarakatakan.
“Teu sopan!” Kedal kuring. Teu lila datang budak anu séjén, ngetrok kana kaca jandéla.
Tok, tok, tok. Kuring nyokot duit sarébu dina dasboard mobil, tuluy nurunkeun kaca mobil.
“Téh, gaduh impénan?” Ceuk manéhna basa kaca mobil diturunkeun. Kuring kerung, anéh kana éta patalékan.
“Tétéh gaduh impénan?” Ceuk éta budak sakali deui.
“Kénging nyuhunkeun impénan téh?”
Kuring beuki bingung. Buru-buru kuring ngasongkeun duit sarébu, tapi éta budak angger cicing siga patung. Barang kaca mobil rék ditutup manéhna nahan kaca ku leungeun sangkan kaca mobil teu kuring tutup.
“Tétéh gaduh impénan?” Kedal manéhna rada tarik. Panona molotot ka kuring. Sorot panona seukeut kawas manuk heulang anu nyoro kadaharana. Lampu beureum geus ganti héjo, klakson geus disada di mana-mana. Kuring buru-buru nincak pedal gas tuluy maju ninggalkeun éta budak anu masih melongkeun kuring.
***
Sora jarum jam kapireng. Nanceb dina pangregep, antel dina pangdangu. Jam 11 peuting. Di luar hujan ngaririncik mawa kawaas dina haté, mawa rasa cinta anu teu kapaliré. Kuring geus ngagolér dina kasur. Awak geus dibuntel ku simbut. Kuring masih kénéh nyileuk ninggalikeun jarum jam anu teu eureun-eureun nuduhkeun waktu. Hawar-hawar kapireng sora anjing babaung dina waktu anu ampir tengah peuting, teuing dimana ayana, boa jauh di sisi kota boa jauh di tengah kota. Teu tinggaleun ogé sora dangdaunan dina tangkal anu paadu jeung kaca jandéla. Lir ibarat jalma anu keketrok ménta tulung sangkan kuring hudang dina implengan. Kuring garénjag reuwas. Sakapeung mah kuring ngarasa asa aya nu ningalikeun. Rét baé kana jandéla. Barang ditingali bener wéh aya nu melongkeun di luar jandéla kamar. Awakna leutik, jangkungna kira-kira sacangkéng.
“Naha siga budak anu tadi? Naha enya manéhna nuturkeun kuring nepi ka imah? Rék naon éta budak datang kadieu?” Kedal kuring di jero haté. Kuring nyingkabkeun simbut terus turun tina kasur. Lalauna kuring nyampeurkeun jandéla, tuluy nyingkabkeun hordéng. Bét anéh éta budak téh jadi euweuh. Rét ka handap melongkeun buruan sepi euweuh sasaha, ngan cai hungkul anu ngareclak ti langit. Barang rét ka panto gerbang budak nu tadi téh aya. Melongkeun kuring bari gugupay tuluy lumpat ka kalér. Kuring reuwas, naha bét asa keueung peuting ieu. Buru-buru kuring nutup hordéng tuluy naék deui ka kasur bari dikurubun ku simbut.
“Téh gaduh impénan? Kuring nyungkeun! Gaduh impénan? Mana impénan kuring?” Hawar-hawar kapireng sora manéhna anu ménta impénan cara tadi soré. Kuring beuki dikurubun ku simbut sabisa-bisa babacaan. Teu lila sora éta ngaleungit. Jep jempling taya sora lian anu kapireng, salian ti sora jarum jam anu terus ngurilingan waktu.
***
Sora manuk kapireng ciciricitan. Rajeg tangkal nu maluguran. Tapi angger kénéh panon poé patingpelentran, nyentangan sakabéh nu aya didinya. Norobos kalakay dug tembus jandéla. Sakapeung aya nu antel kana leungeun. Mawa rasa haneut kanu jadi daging, mawa tentrem kanu jadi manah. Kuring teu maliré. Masih sibuk mikiran budak éta. Budak anu ngetrok kaca jandéla di lampu stopan. Budak anu tadi peuting datang ka imah, cicing dina hareupeun gerbang bari gugupay. Budak anu terus nanya kuring boga impénan atau henteu? Naha éta budak bet nanya kitu? Bet ménta impénan ka kuring? Kapan unggal jalma gé boga impénan séwang-séwangan, kaasup manéhna. Naha maké kudu ménta ka batur sagala? Baluweng. Kuring baluweng, loba teuing hal anéh nu teu kaharti ku akal.
“Wooy!!”
“Aaaah!” Kuring ngajerit ampir ngajorowok bakating ku reuwas. Keuheul ogé ka Didon anu ngareureuwas kuring. Mun lain babaturan ti leutik geus di gebug.
“Don, nanaonan sih? Ngareureuwas waé!” Ceuk kuring bari camutut.
“Hampura atuh Lit, heureuy Didon mah.” Tembalna bari nyéréngéh.
“Teu lucu Don teu lucu!”
“Atuuh da Alit mah titatadi di sauran ku Didon téh teu ngalieuk waé. Meni sibuk ku lamunan. Ngalamun naon sih? Si Adam nya?” Kuring ngagodér leungeuna basa manéhna nyebut ngaran Adam, babaturan kuring nu bogoheun ka kuring ti mimiti asup kampus.
“Hus sembarangan! Teu lah, nanaonan mikiran si Adam?”
Didon ngan ukur jebi bari seuri. Jep. Jempling. Si Didon geus sibuk deui kana kertasna nu pinuh ku tulisan.
“Don.” Kuring nepak leungeuna. Nu digeroan ngan ukur ngalieuk bari seuri.
“Don kamari kuring papanggih jeung budak leutik. Lalaki, tapi anéh.” Kedal kuring.
“Budak leutik? Lalaki? Dimana?” Tembalna bari kerung.
“Eta di stopan anu deuk ka imah kuring geuning.”
“Oh enya enya apal. Anéh kunaon kitu?”
“Nya anéh wéh, manéhna nanyakeun impénan ka kuring. Kuring boga impénan teu? Kitu cenah. Ku kuring di béré duit téh embungeun kalakah keukeuh wéh nanyakeun waé éta bari ménta impénan ka kuring.”
“Oh éta mah si Hérman atuh, émang kitu da manéhna mah, barang pénta téh lain duit tapi impénan.”
“Impénan? Naha?” Kuring kerung beuki bingung kana nu diomongkeun si Didon.
“Enya impénan. Duka teu apal kunaon-naon na mah. Geus lah budak teu hideng éta mah teu kudu dipikiran, da ka kabéh gé kitu lain ka manéh waé.”
“Tapi Don kamari...”
“Enggeus Lit tong dipikiran mending fokus ayeuna mah nya. Hal teu penting éta téh.”
Didon tuluy fokus deui kana bukuna. Kuring beuki baluweng ngadéngé nu diobrolkeun Didon. Naha enya éta budak téh ngan saukur budak teu hideng? Tapi mun enya kitu naha manéhna kudu datang ka imah sagala tuluy gugupay? Rék ngajak kuring kamana éta budak téh maké gugupayna kudu ka kuring? Kuring tuluy teuleum dina hiji pikiran. Pikiran ngeunaan Hérman.
Waktu geus maju kana soré. Wanci tunggang gunung, saperti biasa, basa layung ngagurat di belah wétan, lalaunan angin nyéak kana daging, nyingkabkeun kasono anu bebas ngagantung dina sukma. Huh jam sakieu pasti macét. Hiji hal anu basajan distopan ieu mah. Kuring ngarandeg kana jok mobil, muka hapé bisi aya SMS . Euweuh. Kosong. Euweuh SMS atawa telepon keur kuring. Simpé. Jep asa jempling. Ras kuring inget kana kajadian kamari. Inget ka Hérman anu keketrok ménta impénan. Eh enya kamana Hérman? Asa sinarieun euweuh. Rét ka béh kénca. Euweuh. Ka tukang komo deui. Kuring luak-lieuk ka sakuriling stopan. Rét panon kuring fokus ka hiji titik. Titik dimana aya budak melongkeun kuring ti halteu nu aya saacan jembatan. Hérman. Budak anu ku kuring ditéangan, ayeuna aya keur melongkeun kuring. Panon kuring paadu jeung manéhna. Kuring buru-buru ngajalankeun mobil basa manéhna gugupay tuluy nyampeurkeun mobil kuring lalaunan.
***
Hujan ngaririncik di tengah peuting, mawa angin nu kaselip simpé. Tiisna peuting, nyecep kanu jadi manah tuluy teuleum dina jero sukma. Ngabirigidig. Matak tiis karasana matak jempling kasebutna. Bulan jeung bentang teu tembong, nyumput di tukangeun hujan anu maluguran tuluy anclub kana méga. Kuring masih diuk nyanghareupan laptop basa sora daun gegedor dina jandéla kamar. Poék teu katempo nanaon di luar jandéla, kuring ngadeukeutan jandéla lalaunan. Paur aya Hérman datang deui. Tapi ah moal meureun kapan si Hérman téh budak teu hideng, rék naon manéhna ngadatangan kuring deui? Tapi bet asa panasaran haté téh. Kuring lalaunan nyingkabkeun hordéng.
“Aaaa.” Kuring ngarenjag basa tangkal jambu ngagodér jandéla, katebak angin. Rét ka gerbang anu aya di buruan. Deg. Kuring ngarandeg. Teu bisa usik basa Hérman melong ka kuring hareupeun gerbang. Kuring reuwas tur bingung. Manehna ngagupayan kuring tuluy indit bari lumpat. Deg. Asa dungdeng ieu sirah. Bungbeng. Aneh. Poék. Kabeh nu aya didieun ngadadak jadi poék, suku anu jejeg ngadadak jadi leuleus. Kuring ngagubrag. Taya deui anu katempo salian ti caangna lampu anu aya di luar. Taya deui anu kapireng salian ti sora hujan anu ngageretek jeung sora jarum jam anu terus usik taya kacapé.
***
“DIDON!” Ceuk kuring basa ninggali Didon keur leumpang di koridor. Kuring lumpat nyampeurkeun manéhna.
“Aya naon Lit?”
“Hm Don, ieu soal Hérman. Enya manéhna téh ngan jelema teu hideng?”
“Aduh Alit di bahas kénéh waé, kan...”
“Lain kitu Don, lain masalah éta jelema teu hideng atau lain, tapi geus dua peuting Hérman datang ka imah kuring. Masih ménta impénan.”
“Ah moal mungkin Lit, éta mah titinggalieun meureun.”
“Heunteu Don, kuring teu bohong, éta bener Hérman.”
Didon cicing sakeudeung. Gideug lalaunan tuluy indit ninggalkeun kuring nu olohok kénéh di koridor. Angin asup kana sela-sela jandéla, nyéakeun katiis kana jero daging. Jep. Langsung nyecep kana jadi getih. Tuluy cicing dina ngarana manah. Kuring buru-buru ninggalkeun koridor, indit ka garasi tuluy naék kana mobil saenggeus pantona kuring buka koncina. Buru-buru kuring muter konci mobil tuluy nincak pedal gas. Pokona peuting ayeuna kudu beres. Kuring kudu apal naha Hérman ménta impénan ka kuring.
***
Jam 5 sore. Saperti biasa kuring eureun di lampu stopan. Macét. Hal anu basajan jam sakieu mah. Kuring luak-lieuk néangan Hérman. Naha kamana éta budak? Biasana jam sakieu téh sok geus aya di halteu éta. Kuring ngadagoan. Rét ka belah kénca katingal barudak arulin di sisi jalan, teuing arulin teuing bagi hasil. Rét ka belah katuhu, layung tingburisat lir ibarat koas nu ngagurat dina kanvas. Rét deui ka halteu euweuh kénéh waé si Hérman téh. Naha kamana éta budak, na kamana inditna? Lampu geus nandakeun héjo, kuring maju ngaliwatan jalan anu geus ilahar na émutan kuring, jalan nu geus kaliwatan ku kuring salila 23 taun. Kuring mimiti asup ka komplék imah anu geus ngurus kuring salila 23 taun ka tukang, néangan imah warna héjo tuluy ngeureunkeun mobil dihareupeun panto gerbang, kuring turun tina mobil. Lalaunan muka gembok gerbang tuluy disérédkeun éta panto téh sangkan mobil bisa asup. Kuring ngasupkeun mobil tuluy di parkirkeun di hareupeun garasi. Keun lah moal waka di asupkeun da siang kénéh. Kuring asup ka imah tuluy indit ka kamar. Ngagubragkeun manéh kana kasur bari peureum. Ngimpleng anu kaimpleng. Hérman. Budak leutik anu geus dua peuting ka impleng ku kuring. Aya pamaksudan naon manéhna ka kuring? Rék naon manéhna datang ka kuring unggal peuting? Naha enya budak téh ngan saukur budak teu hideng? Asa teu kaasup ku akal. Kuring mimiti teuleum dina pikiran sorangan. Reup kuring saré. Euweuh deui sora nu kapireng salian ti sora jam anu moal simpé nepi ka iraha ogé.
***
Jag. Kuring hudang. Rada linglung. Asa beurat ieu sirah. Kuring kekerejepan. Ngan lalangit anu katempo ku kuring. Poék. Saeusi kamar ieu poék. Kuring hudang tuluy ninggali kana jam anu kasorot ku lampu luar. Jam 12 kurang 10. Di luar hujan ngaririncik kénéh. Désémber. Bulan anu nyorang hujan. Kuring kakarayapan dina témbok néangan saklar. Rék ngahurungkeun lampu maksudna mah. Barang rét kana jandéla kuring panasaran. Kuring leumpang, tuluy nempo buruan anu baseuh ku cai hujan. Barang rét ka gerbang kuring ningali jalma nu ku kuring di téangan ti tadi soré. Hérman. Manéhna cicing di hareupeun gerbang. Manéhna melongkeun ka kuring nu keur olohok teu percaya ninggalikeun manéhna. Beretek kuring lumpat kaluar kamar nurunan tangga deuk ngudag Hérman. Kuring muka konci panto imah. Deg. Kuring ngarandeg basa ninggali Hérman aya hareupeun gerbang. Awakna leutik, bajuna baseuh beunang cai hujan. Buru-buru kuring muka konci gerbang, barang ninggali ka hareup Hérman geus euweuh. Kuring muka gerbang tuluy lumpat satarikna ngudag Hérman. Teu paduli awak baseuh beunang cai hujan. Kuring lumpat ka kalér, néangan Hérman anu teuing lumpat kamana. Bray kuring nepi stopan nu biasa kuring liwatan. Stopan anu deukeut halteu. Témpat biasa Hérman cicing melongkeun kuring.
“Di tempat ieu. Di tempat ieu kuring nungguan.” Kapireng sora budak ditukangeun kuring. Deg. Kuring ngarandeg. Rét baé kuring ngarérét ka tukang. Kuring reuwas ningali Hérman cicing di halteu. Dina poék. Panona neuteup jalan. Sorot panona kosong. Ngimpleng hiji hal.
“Di témpat ieu kuring boga impénan. Di témpat ieu ogé kuring leungit impénan. Bapa. Kuring sono ka bapa. Bapa anu ayeuna teuing dimana ayana, teuing kumaha kaayaana. Boa hirup kénéh, boa geus paéh. Bapa nu ngajangjikeun impénan keur kuring, tapi bapa ogé anu mupuskeun impénan ka kuring. Unggal wanci tunggang gunung, kuring nungguan bapa, kuring…” kedalna bari ceurik.
Kuring cicing. Matung kawas patung. Bingung. Baluweng. Kudu kumaha kuring ayeuna. Lalaunan kuring ngadeukeutan Hérman. Lalauna leungeun kuring diangkat, rék ngusap huluna.
“Hérman…” Ceuk kuring bari rada cirambay. Nu di geroan ujug-ujug ngalieuk. Melong kuring. Panona jadi seukeut tuluy lumpat deui ka arah jembatan. Kuring gudag manéhna. Teu maliré keclak-keclak cai hujan nu seukeut nubles awak kuring.
Manéhna eureun di sisi jembatan bari nyanghareup ka handap. Nempokeun walungan anu caina deres. Nukangan kuring.
“Di dieu. Pas pisan didieu indung kuring ninggalkeun kuring. Ninggalkeun patalékan anu teu kawaler ngeunaan bapa. Bari ceurik indung kuring muragkeun manéh kana deresna cai di handap. Unggal poé kuring nanyakeun impénan. Kuring ménta impénan ka unggal jalma. Sugan aya nu bisa méré impénan ka kuring salian ti bapa. Tapi kanyataanana euweu. Euweuh nu bisa méré impénan ka kuring. Batur kalakah nganggap kuring jalma teu hiding, gelo, stress sabab kuring ménta impénan.” Pokna deui.
Sora hujan beuki kapireng. Angin peuting beuki nyéak mawa tiris kanu jadi raraga. Haneutna cipanon geus teu karasa deui. Katutupan ku tiisna cai hujan anu nyecep dina pipi. Ngan tonggong Hérman anu katempo ku kuring, manéhna nyarita ka kuring bari nukangan kuring.
“Basa soré éta, basa kuring mimiti papanggih jeung tétéh, kuring yakin tétéh bisa méré impénan. Hiji impénan anu di anti-anti ku kuring. Peupeuriheun kuring teu bisa nanaon. Kuring teu butuh duit, kuring ngan butuh impénan. Impénan anu geus dijangjikeun ku bapa.”
Beuki lila sora Hérman beuki teuleum ku sora cai hujan. Lalaunan kuring nyampeurkeun manéhna tuluy ngomong.
”Man.. Nu ngarana impénan mah teu bisa dipénta. Impénan ngan saukur aya di diri urang. Impénan aya, sabab diciptakeun ku urang. Impénan mah di téang jeung diusahakeun lain dipénta. Impénan mah dipiboga lain…”
“Naon anu dipiboga ku kuring?! Kuring hirup geus sorangan. Imah teu boga, duit komo deui. Ayeuna.. ayeuna impénan ogé kuring kudu ménta!” ceuk manéhna ngajorowok.
“Sanes kitu Man, Hérman téh alit kénéh. Jalan Hérman masih panjang..” ceuk kuring bari peura.
“Aah atos téh. Jep. Tong nyarios deui.” Ceuk manéhna bari ngabangingik.
“Tétéh, ayeuna kuring naros sakali deui, tétéh gaduh impénan kanggo kuring?”
Beurat. Beurat mun kudu ngajawab patalékan Hérman bieu. Sieun. Kuring sieun nguciwakeun Hérman. Tapi da éta patalékan kudu dijawab sangkan manéhna ngarti. Kuring cirambay tuluy ngomong.
“Punten Man. Punten pisan tétéh teu gaduh impénan.”
Jleng baé budak téh muragkeun manéh ka handap saenggeus naék kana wates jembatan.
“Hérmaaaan!” kuring reuwas tur ceurik basa ninggali Hérman geus euweuh di hareupeun kuring. Geus palid jeung cai walungan anu ngalir sakitu tarikna. Kuring ceurik ngahariring. Karunya ka Hérman. Teu nyangka akhirna bakal kieu.
Kahirupan dunya anu nyieun manéhna baluweng. Baluweng yén teu boga impénan. Baluweng ku leungitna bapana anu teuing dimana jeung teuing kamana. Indungna bunuh diri, muragkeun manéh lantarann geus teu bisa ngurus Hérman. Ayeuna Hérman ogé maot cara indungna baheula. Moal aya deui anu ménta impénan, moal aya deui anu nanyakeun impénan. Kabéh indit cara angin mawa cai hujan anu teuing kamana arahna jeung teuing dimana ahirna. Hérman.






Bandung, 2013

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

"Simple Thing Called Love" by Anna Triana

Judul          : Simple Thing Called Love Penulis       : Anna Triana Penerbit      : Elex Media Komputindo ISBN          : 978 - 602 - 0...