JNGGA

Minggu, 23 Februari 2014

sajak dago

Dago
Implengan nu aya dina unggal léngkah
Ngagurat tineung dina jero manah
Lalaunan, milu teuleum kana jero daging
Dago
Loba nu geus dipilampah unggal jengkal
Léngkah dina léngkah milu nyakséni di tengah béntang nu tingburisat
Tangkal dipipir jalan milu gugupay kana katineung
Tineung nu kungsi di jajapkeun dina jalan aspal anu ayeuna loba kajejek ku batur
Dago
Turuna ceurik mega teu bisa mupuskeun tineung nu geus kapinton ku dampal suku
Dago
Salilana anjeun angger aya na panineungan nu moal palastra
Dago.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

"Simple Thing Called Love" by Anna Triana

Judul          : Simple Thing Called Love Penulis       : Anna Triana Penerbit      : Elex Media Komputindo ISBN          : 978 - 602 - 0...