JNGGA

Minggu, 23 Februari 2014

sajak hujan

Peuting keclak munggaran koclak
Hideung mega padungdeng adek
Dina raraga nu taya kawasa
Ting joréat ngocéak surak inghak
mega ceurik balilihan
Numpaskeun simpé na implengan sajajalan
Éstuning angin mawakeun rasa katresna
Nembongkeun tineung dina sawangan
Dina mega aya pangawasa nu teu kawasa
Numpaskeun titik nu anclub kana sukma
Hujan..
Kuring miang néang jalan anyar
Diditu, di sisi laut

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

"Simple Thing Called Love" by Anna Triana

Judul          : Simple Thing Called Love Penulis       : Anna Triana Penerbit      : Elex Media Komputindo ISBN          : 978 - 602 - 0...