1.
Data Kualitatif
Data kualitatif nya éta data anu
lain mangrupa bilangan atawa informasi anu bentukna kalimah vérbal. Bisa ogé
disebut data anu mangrupa ciri-ciri, sifat-sifat, data kayaan, atawa gambaran
tina kualitas objék anu ditalungtik. Biasana data kualitatif mah sifatnya
déskriptif sabab data kualitatif dimenangkeunna ku cara analisis anu jero tur
teu bisa dimeunangkeun sacara langsung. Kitu deui ngeunaan waktu anu
diperlukeun, data kualitatif merlukeun waktu loba sabab dikerjakeunna kaasup hésé,
dibutuhkeun wawancara, obsérvasi, diskusi atawa panalungtikan.
Conto data kualitatif:
- Kembang malati leuwih seungit tibatan kembang eros.
- Tong meuli baju di toko A, éta mah bajuna marahal.
- Andika leuwih kurus di taban Tatang.
- Warung asakan Bu Déti mah leuwih payu sabab
masakanna leuwih ngeunah ti warung asakan Bu Épon.
- Ti bulan Séptémber nepi Désémber biasana asup kana
usum hujan.
2. Data Kuantitatif.
Data Kuantitatif nya éta data
informasi mangrupa simbol angka atawa bilangan. Dumasar simbol-simbol angka,
itungan sacara kuantitatif bisa dilakukeun pikeun ngahasilkeun hiji kacindekan
anu umum dina hiji parameter. Nilai data bisa robah sabab sifatna variatif. Prosés
ngumpulkeun datana ogé teu ngabutuhkeun waktu lila tur gampang pisan
dilakukeun.
Conto data kuantitatif:
- Jumlah siswa di SDN 1 Pagadén taun ajaran 2015-2016
aya 250 siswa, nya éta 150 siswi jeung 100 siswa.
- Guru anu ngajar di SD Kampung Rambutan dina taun
2015 aya 18 urang.
- Waktu di ajar sisnya SD kelas 4 nya éta 6 jam.
- Jumlah mahasiswa Sunda angkatan 2013 anu miluan PON
aya 15 urang.
- Peserta SPMB dina taun 2004 aya 120.000 jalma.
3. Data Primer
Data primer nya éta data atawa
informasi anu dimeunangkeun tina sumber kahiji, anu sacara teknis dina
panalungtikan disebut responden. Atawa bisa ogé data anu dikumpulkeun sacara individu
atawa hiji organisasi kalayan langsung tina objék anu ditalungtik jeung
dijadikeun kapentingan studi anu aya pakaitna jeung interview, observasi. Data primer
bisa mangrupa data anu sifatna kuantitatif atawa kualitatif.
Conto data primer:
- Kondisi kelas nalika prosés pangajaran Basa Sunda
lumangsung di SMPN 12 Bandung kelas VIIIF teu kondusif.
- Jumlah Mahasiswa di UPI Jurusan Pendidikan Bahasa
Daérah angkata 2013 aya 90 jalma.
- Umur mahasiswa pendidikan Bahasa Daérah UPI
angkatan 2014 rata-rata 20 taun.
- Bebedaan motivasi gawé karyawan golongan II, III,
IV di UII.
- Lobana nu dagang buah jeruk sapoé dimeunangkeun
tina wawancara.
4. Data Sékundér.
Data Sékundér nya éta data dimeunangkeun
panalungtik sacara teu langsung ngaliwatan media perantara. Data sekunder dina
umumna mangrupa bukti, catetan, atawa laporan historis anu geus disusun dina
arsip, boh anu dipublikasikeun boh anu teu dipublikasikeun. Data sekunder ogé
mangrupa data anu dikumpulkeun jeung dihijikeun ku studi-studi saacana atawa
dipedalkeun ku sababaraha instansi séjén
Conto data sékundér:
- Tina katerangan kepala desa Gunung Sembung, mata
pencaharian masarakatna lolobana patani.
- Kaaktifan siswa nalika proses diajar-ngajar tina
panalungtikan guru.
- Sacara astronomis Indonésia aya diantara 6° LU-11°
LS jeung antara 95° BT-141° BT anu dimeunangkeun tina buku.
- PH taneuh di pegunungan Bromo dimeunangkeun tina
buku.
- Minat siswa anu haying asup perguruan tinggi dimeunangkeun
ti guru BK dina taun 2009 nepi ka 2011.
5. Data Diskrit.
Data diskrit nya éta kuantitatif
anu nilaina khusus tur mangrupa hasil perhitungan sarta biasana bentukna
bilangan bulat. Data diskrit sifatna putus-putus, nilaina lain mangrupa
pecahan.
Conto data diskrit:
- Jumlah penumpang beus pariwisata 40 urang.
- Jumlah Sakola SD Negeri di Kecamatan Sukamuyla aya
18.
- Jumlah penduduk di kecamatan Sukajadi aya 246.867
jalma.
- Jumlah mahasiswa lalaki di Departemen Bahasa Daérah
angkatan 2014 aya 38 jalma.
- Jumlah lansia di kabupaten Subang aya 165.098
jalma.
6. Data Kontinu
Data kontinu nya éta data anu
sifatna sinambung atawa kontinu. Data kontinu ayana dina bentuk angka/bilangan
anu dimeunangkeun dumasar hasil
pengukuran. Data kontinu bentukna bisa bilangan bulat atawa pecahan, gumantung
jenis skala pengukuran anu digunakeun.
Conto data kontinu:
- Panjang tali pramuka téh 1.8 meter.
- Tinggi badan Ahmad nya éta 150,5 centimeter.
- IQ Budi nya éta 120.
- Suhu udara di kelas 24°C.
- Ukuran sapatu kuring nya éta 37.
7. Data Nominal.
Data Nominal sering disebut data
katégori nya éta data anu dimeunangkeun ngaliwatan pengelompokkan objék dumasar
katégori anu tangtu. Sanajan data nominal bisa dinyatakeun dina wangun angka,
tapi angka éta teu miboga urutan ataawa makna sistematis nepi ka teu bisa
dibandingkeun. nya éta ukuran anu paling sederhana, dimana angka anu dibérékeun
ka hiji objék miboga harti salaku label tur teu nunjukeun tingakatan naon wae.
Ciri-ciri data nomina nya éta ukur boga atribut, ngaran, atawa diskrit. Data
nomina mangrupa data diskrit jeung teu boga urutan. Upama objék dikelompokeun
kana set-set jeung ka sakabeh anggota set dibéré angka, set-set éta teu meunang
tumpang tindih jeung nyesa. Dina kategori data nomina, masing-masing kategori
teu di sebut leuwih luhur tina atribut séjén. Data nomina dimeunangkeun tina
hasil pengukiran tina skala nomina, ku kituna data nomina tacan pernah aya
bilangan pecahan.
Conto data nomina:
- Dumasar jenis kelamin. (1) lalaki (2) awéwé
- Dumasar status perkawinan (1) tacan nikah, (2)
Nikah, (3) Randa/duda.
- Dumasar status KTP (1) pelajar, (2) karyawan, (3)
Nikah.
- Dumasar jenis olahraga, (1) Baskét, (2) ténis, (3)
renang.
- Dumasar barang anu dihasilkeun hiji mesin, (0)
cacat, (1) teu cacat.
8. Data ordinal.
Data ordinal nya éta data anu
asalna tina hiji objék atawa katégori anu geus disusun sacara berjenjang
numutkeun gedena. Unggal data ordinal boga tingkatan anu tangtu anubisa
diurutkeun ti anu handap ka luhur atawa sabalikna. Angka anu dibéré miboga
tingkatan anu digunakeun pikeun ngurutkeun objék tina anu paling handap
nepikeun ka anu paling luhur atawa sabalikna. Ukuran ieu teu méré ajen absolut
pikeun objék, tapi ngan ukur méré peringkat hungkul. Hasil tina pengukuran anu maké
skala ordinal, bakal dimeunangkeun data ordinal.
Conto data ordinal:
- Dumasar tingkat pendidikan
Ø
TK
Ø
SD
Ø
SMP
Ø
SMA
Ø
Diploma
Ø
Sarjana
- Dumasar tingkat prestasi.
Ø
Leuwih pisan
Ø
Leuwih
Ø
Sedeng
Ø
Handap
Ø
Handap pisan
- Dumasar niai préstasi
Ø
Nilai A nya éta tina
80-100
Ø
Nilai B nya éta tina
65-79
Ø
Nilai C nya éta tina
55-64
Ø
Nilai D nya éta tina
45-54
Ø
Nilai E nya éta tina
0-44
- Dina skala Likert
Ø
Satuju pisan
Ø
Satuju
Ø
Ragu-ragu
Ø
Teu satuju
Ø
Teu satuju pisan.
- Dumasar pangkat ABRI
Ø Prajurit
Ø Kopral
Ø Sersan
9.
Data Interval
Data Interval nya éta data
hasil pengukuran anu bisa diurutkeun tina kritéria anu tangtu sarta nunjukeun
kabéh sifat anu dipiboga ku data ordinal. Data ordinal biasana ngasupkeun angka
kana set tina objék anu miboga sifat-sifat ukuran ordinal jeung di tambah hiji
sifat séjén, nya éta jarak anu sarua dina pengukuran disebut data interval. Data
ieu nembongkeun jarak anu sarua dina ciri atawa sifat objék anu diukur. Tapi ukuran
interval teu ngasilkeun jumlah absolut tina objék anu diukur. Data anu dimeunangkeun
tina hasil pengukuran ngagunakeun skala interval disebut data interval.
Conto data
interval:
·
hasil ngukur suhu (temperature)
ngagunakun termoometr anu dinyatakeun dina ukuran derajat.
·
Kacerdasan inteléktual
anu dinyatakeun dina IQ.
·
Didasaran ku asumsi
anu kuat, skor tés prestasi diajar bisa disebut data interval.
·
Dina lobana
panalungtikan, data skor anu dimeunangkeun ngaliwatan quisionér. Misalna:
Ø
Skor 5 pikeun jawaban “satuju
pisan”
Ø
Skor 4 pikeun jawaban “satuju”
Ø
Skor 3 pikeun jawaban “teu
boga pamadegan”
Ø
Skor 2 pikeun jawaban “teu
satuju”
Ø
Skor 1 pikeun jawaban “teu
satuju pisan”
·
A=1, B=2, C=3, D=4,
E=5.
Ø
Interval A nepi C nya
éta 3-1=2
Ø
Interval C nepi D nya
éta 4-3=1.
Ø
Interval anatara A
jeung D nya éta 4-1=3
10. Data rasio
Data rasio nya éta ukuran anu nyoko
sakabéh ukuran di tambah hiji sifat anu lian, nya éta ukuran anu méré katerangan
ngeunaan ajen absolut tina objék anu diukur disebut ukuran rasio (data rasio). Data
rasio anu dimeunangkeun ngaliwatan pengukuran anu maké skala rasio mobiga titik
nol. Kukituna, lantaran aya titik nol,data rasio bisa dijieun perkalian atawa
pembagian. Angka dina data rasio bisa ningalikeun nilai sabenerna tina objék
anu diukur.
Conto data
rasio:
·
A jeung B nya éta dua mahasiswa Universitas X
anu nilai mata kuliah statistic 1 masing-masing 60 jeung 90. Ukuran rasiona
bisa dinyatakeun nilai B nya éta nilai 1,5 kali nilai A.
·
Beurat awak orok anu diukur ngaliwatan skala
rasio, orok A boga beurat 3kg. orok B beuratna 2kg, orok C beuratna 1kg. Lamun
diukur make skala rasio, orok A boga rasio beuratna 3 kali tina beurat bayi C.
·
Data ngeunaan beurat nya éta data anu berskala
rasio. Ngaliwatan skala ieu urang bisa ngajentrékeun yén data beurat awak 80kg
nya éta 10kg leuwih beurat tina 70kg, tapi ogé bisa dijéntrékeun yén data 80kg
nya éta 2kali leuwih beurat ti data 40kg.
·
Lamun aya 4 supir, A, B, C, jeung D boga hasil
narik masing-masing perpoé Rp 10.000, Rp 30.000, Rp 40.000 jeung Rp 50.000.
Ditilik tina ukuran rasio pendapatan supir C nya éta 4 kali pendapatan supir A.
pendapata supir D nya éta 5 kali pendapatan supir A. Jadi, rasio antara supir C
jeung A nya éta 4:1, rasio antara supir D jeung A nya éta 5:1.
·
Jumlah posyandu di kabupatén Bandung dina taun
2008 aya 3.883, taun 2009 aya 3.926, taun 2010 aya 4.311. jumlah balitana dina
taun 2008 aya 280.874, taun 2009 aya 284.112 jeung taun 2010 aya 333.673. Rasio
Posyandu per jumlah balita anu aya nya éta 1:14, 1:13, 1:13.
Referensi:
§
Buku catétan
pengantar statistika
§
Dailywafa.blogspot.co.id/2012/11/pengertian-mengenai-data-diskrit-data.html?m=1
§
Pengertianahli.com/2013/11/pengertian-data-dan-jenis-data.html?m=1
§
Csuryana.wordpress.com/data-dan-jenis-data-penelitian/
§
Bundaliainsidi.blogspot.co.id/2012/12/data-nominal-ordinal-interval-dan-data.html?m=1
Tidak ada komentar:
Posting Komentar